TOKOH TOKOH RÉTORIKA
1. Gorgias
Gorgias
ngawanohkeun penting na sora basa salaku unsur
nu nguatan kana tuturan atawa ucapan. Gorgias ngabogaan pamadegan
yén unsur stilistika utamana aliterasi,
asonansi, antithesis, jeung paralélisme bisa magehan kana ciri pérsuasidina
hiji prosa. Gorgias ngabagi gaya basa jadi nu ngawengku :
a. Isicilon
nya éta unsur unsurnu ngabogaan panjang na nu sarua,
b. Parison
nya éta paralélisme kalimah,
c. Paroemoen
nya éta aliterasi,
d. Homoeteleuton
nya éta kecap kecap nu ngabogaan tempat nu sarua dina klausa jeung ngabogaan
sora tungtung nu sarua,
e. Polyptoton
nya éta kecap kecap asalna tina akar kecap nu sarua tapi ngabogaan wangun
infléksi nu béda,
f. Chiasmus
nya éta bagantina wangun résiprok kecap kecap dina kalimah,
g. Zeugma
nya éta kecap nu ngagabungkeun sababaraha kecap séjén, jeung
h. Maxim
nya éta pananya sacara umum tina prémis-prémis nu kalawan jembar bisa di terima
atawa significant.
2. Isocrates
Tokoh
nu ngasongkeun pamadeganana yén rétorika téh mangrupa hiji kamampuh seni,
”creative process” (proses kréarif), jeung mangrupa élmu nu kaidah. Isocrates
ngawanohkeun tilu aspék nu aya dina rétorika, nya éta bakat, pangalaman atawa
prakték, jeung atikan.
Sacara
gurat badag pamdegan rétorika nu di tawarkwun ku Isocrates ngawengku :
a. Basa
nu di pimilik ku manusa jadi pang béda jeung makhluk séjéna sarta ngabogaan
kabudayaan,
b. Rétorika
mangrupa seni lain élmu,
c. Saurang
panyatur ku mibanda atikan umum kaasup atika pilsapat,
d. Moral
teu bisa diajarkeun kalawan husus, tapi atikan politik bisa ngawujudkeun jalma
warga Negara anu hade,
e. Orator
nu ngawasa masalah-masalah kasajahteraan umum leuwih hade batan ahli hokum,
lantaran ngabogaan tugas nu leuwih mulya,
f. Ucapan
saurang orator kudu ngutamakeun bebeneran jeung kawijaksanaan,
g. Pamadegan
umum bisa di robah ku orator/panyatur, sabab kawijaksanaan atawa
bebeneran kudu di perjuangkeun,
h. Sikep
nu wajar kacida pentingna pikeun saurang orator,
i.
Jalma nu teu kungsi narima atikan ogé
busa jadi orator, tapi nu leuwih hade mah nu nyakola sarta ngabogaan bakat,
j.
Kakuatan pisik jeung méntal kudu di
mekarkeun,
k. Aspék
sora jeung ngawasa mental penting pisan dina nangtukeun kahontalna hasil
nayrita,
l.
Unggal tuturan jeung babagiana kudu di luyukeun jeung
situasina sangkan teu monoton jeung kaharti,
m. Siswa
nu di ajar kaparigelan nyarita kudu leuwih loba neuleuman rupa-rupa wacana,
n. Aya
rupa-rupa jenis prosa jeung puisi, jeung
o. Wacana
politik teu bisa dikaji ku cara ngapalkeun wungkul, tapi kudu jeung prakna
salaku seni.
3. Plato
Pamadegan
Plato ngeunaan rétorika teu ngan ukur mangrupa kritikan saperti nu aya dina Gorgias wungkul, dina dialog séjénna saperti dina Paedrud, Plato sacara
gurat badag ngasongkeun pamikiran-pamikiranna ngeunaan norma atawa kaidah
rétorika, nya éta.
a. Panyatur
nu hade nya éta anu neuleuman matéri nu rék dicaturkeun;
b. Ahli
rétorika kudu nyaho kana poko-poko matéri kalawan logis, runtuyan caritaan ti
nu umum ka nu husus, ngelompokeun, nyaho matéri nu bisa dipadungdengkeun jeung
nu henteu;
c. Panyatur
kudu weruh kana prinsip-prinsip nyusun bahan pidato
d. Saurang
ahli rétorika kudu weruh kana hakékatna manusa, ngawasa cara-cara ngatur jalma
sarta suasana jiwana katut basana, ngelompokkeun dumasar sipat-sipatna, paham
naha aya sakelompok jalma aya bisa dipersuasi sarta aya nu teu bisa dipersuasi.
e. Saurang
ahli rétorika kudu ngawasa gaya basa (style)
jeung cara neepikeunana (delivery) nu
digunakeun dina nyajikeun pesen.
f. Saurang
ahli rétorika kudu ngabogaan moral nu alus tur luhung, mikirkeun yén naon anu
bakal ditepikeun téh hiji hal nu bener.
4. Aristoteles
Tokoh
rétorika klasik nu séjénna nu kacipta pisan gedé pangaruhna nya éta
Aristoteles, muridna Plato. Pamikiran Aristoteles dina widang rétorika dicatet
dina bukuna nya éta nu judulna Rhetoric anu
sawangan-sawanganana ngeunaan rétorika kacida ngadasarna sarta leuwih jero,
nepi ka disebut yén Rhetoric mangrupa
buku rétorika nu dianggap penting pisan.
5. Cirero
Tokoh
rétorika nu kawéntar sanggeus Aristoteles nya éta Cirero jeung Quiltilan. Ieu
di handap sababaraha konsép ngeunaan rétorika anu mangrupa hasil pamikiran
Cirero.
1. Anu
ngabédakeun manusa jeung sato téh nya
éta basa. Sedengkeun anu ngabédakeun manusa jeung manusa séjénna nya éta
ngagunakeun basa anu hade.
2. Kamampuh
nyarita ngabogaan pungsi pikeun mérsuasi audience.
3. Rétorika
diwangun ku sababaraha bagian nya éta:
(a) Invention (manggihkeun)
(b) Arrangement (susunan)
(c) Style (gaya
basa)
(d) Memory (
daya cangkem)
(e) Delivery (midangkeun)
4. Oration
atawa pidato nu diwangun ku genep bagian, nya éta
(a) Exordium (bubuka
pikeun museurkeun perhatian)
(b) Narration (midangkeun
matéri nu dipedar)
(c) Partito/division (bagian-bagian
tina pedaran anu diwangun ku bab-bab jeung sub-subbab)
(d) Conformation (argument
nu ngadeudeul kana pedaran)
(e) Refutation (argument
pikeun ngayakinkeun lawan nyarita)
(f) Peratorio (midangkeun
kacindekan matéri)
6.
Quintilan
Dina bubuka buku Quintilan anu judulna “Institutio
Oratoria” manéhna nepikeun maksudna pikeun mekelan kaparigelan biantara ka nu
macana. Ceuk Quintilan mah saurang ahli
biantara kudu jalma nu bisa dipercaya, alus budi parangi, budi basa, jeung kalakuanana.
Ceuk Quintilan mah saurang ahli pidato kudu nyangking predikat “vir bonus
dicendi veritus” nu hartina ngagambarkeun jalma hade nu nyaritana hade. Ieu di
handap aya sababaraha konsép dasar tiori ngeunaan rétorika nu ngagambarkeun
hasil pamikiran Quintilan.
a) Rétorika
nya éta élmu nyarita anu hade.
b) Rétorika
mangrupa seni kamampuh nyarita.
c) Rétorika
bisa ditilik tina tilu aspék, nya éta aspék seni, seniman, jeung karyana.
d) Saurang
orator mangrua gabungan antara hasil pendidikan jeung bakat.
e) Seni
bisa dikategorikeun jadi tilu, nya éta tiori, prakték, jeung produksi.
f) Kamampuh
nyarita lain hasil tina kagiatan anu spontan, tapi hasil tina panalungtikan,
analisis, prakték, jeung aplikasi.
g) Kaidah-kaidah
dina rétorika teu kaku tapi luwes jeung pleksibel.
h) Sakabéh
aspék basa perlu diulik.
i)
Seni kamampuh nulis sakuduna
dikombinasikeun jeung seni kammpuh nyarita.
7.
James
A Winans
Luyu jeung tiori James yén tindakan ditangtukeun ku
panitén/perhatian. Winans, nepikeun wangenan ngeunaan persuasi mangrupa
“prosés” numuwuhkeun perhatian nu nyumponan sababaraha aspék, di antarana
ngahudang émosi ku rupa-rupa motif psikologis, kayaning kapentingan pribadi,
kawajiban sosial jeung kawajiban agama.
8.
Charles
Henry Woolbert
Pikeun Woolbert mah prosés nyusun pidato téh
mangrupa kagiatan sakabéh organism. Pidato mangrupa ébréhan / ungkapan
kepribadian. Dina nyusun rarancang pidato ceuk Woolbert mah kudu merhatikeun
sawatara ha lieu: (1) nalungtik tujuanana, (2) mikanyaho masarakat jeung
situasi tempat nyarita, (3) nangtukeun proposisi nu cocog jeung masarakat katut
situasina, jeung (4) pilih kalimah-kalimah nu merenah kalawan logis.
9.
William Noorwood Brigance
Brigance mah leuwih ngutamakeun factor kahayang (desire)
minangka dadasar persuasi. “Kayakinan”, ceuk pamanggih Brigance mah, jarang
mangrupa hasil pamikiran. Nurutkeun Brigance, persuasi ngawengku opat unsur:
(1) rebut perhatian paregep, (2) usahakeun paregep pikeun percaya kana kamampuh
jeung karakter urang, (3) nyaluyukeun dasar pamikiran urang dumasar kahayang
jeung harepan, sarta (4) ngamekarkeun unggul gagasan luyu jeung sikep paregepna.
10. Alan H. Monroe
Alan H. Monroe nulis buku nu judulna Principles and Types of Speech. Loba nu
ngagunakeun bukuna dina pertengahan taun 20-an. Monroe jeung stafna nalungtik
prosés motivasi. Jasa Monroe nu kawilang gedé nya éta cara cara ngaorganisasi
pesen. Ceuk Monroe, pesen kudu disusun dumasar prosés mikir manusa nu disebutna
motivated sequence.
Referensi
Haerudin,
Dingding & Agus Suherman. 2013.
Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
Komentar
Posting Komentar