SAWALA KELOMPOK


            Unsur nu ngawangun sawala kelompok, diantarana ketua jeung partisipan sarta rupa-rupa bangbaluh katut ngungkulanana, nepi ka ukuran hasil henteuna prosés sawala kelompok nu ditétélakeun ku Mulgrave, Salesburi, jeung Auer & Ewbank dina Tarigan (1981:44-51). Lumangsungna sawala ditangtukeun ku kaparigelan ketua. Sabab kitu, tugas ketua sawala kelompok nu kudu diperhatikeun, nya éta.
(1)   Tatahar sakur anu diperlukeun dina sawala,
(2)   Ngumumkeun topic atawa judul masalah jeung tujuan sawala,
(3)   Netepkeun/nyadiakeun waktu pikeun: a) bubuka, b) sawala, c) kacindekan sawala
(4)   Ngatur/ngajaga lumangsungna saala,
(5)   Nyayagikeun waktu ka partisipan pikeun nepikeun milu nyarita,
(6)   Ngajaga minat jeung karep pamilon sangkan tetep sumanget,
(7)   Ngajaga lumangsungna sawala nepi ka réngsé,
(8)   Nyieun catetan-catetan penting,
(9)   Nuliskeun raguman hasil sawala.
Pamilon sawala atawa partisipan ogé kudu merhatikeun sawatara hal, diantarana.
(1)   Milu andil kana lumangsungna sawala,
(2)   Teu nyarita saméméh dititah ku pingpinan sawala,
(3)   Nyarita kalawan teges (nanya, ngoméntar) tur ngayayay,
(4)   Nepikeun eusi caritaan ku pakta atawa data nu ngarojong kana eusi sawala,
(5)   Daria salila lumangsungna sawala,
(6)   Ngaregepkeun kalawan pinuh ku perhatian,
(7)   Ngajaga sopan santun,
(8)   Surti kana pamadegan batur.
Sawatara bangbaluh dina kagiatan sawala diantarana.
(1)   Gagal maham masalah,
(2)   Keukeuh kana pamadegan pribadi,
(3)   Salah paham,
(4)   Gagal ngabédakeun antara pakta nu aya jeung pamikiran nu sawala,
(5)   Teu sabar,
(6)   Nyarita pikeun kapentingan pribadi sarta subjektif dina nyarita nepikeun pamanggih,
(7)   Beda pamadegan lantaran beda sudut pandang jeung argument,
(8)   Ngagunakeun kekecapan anu ngondang réaksi jeung konotasi séjén (stigma words) nu ngabalukarkeun patumpukna pamikiran.
Sacara umum pikeun ngungkulan nya éta.
(1)   Ngarahkeun panitén kana sagemblengna eusi sawala,
(2)   Maluruh kakuatan argument,
(3)   Balik deui kana poko masalah utama,
(4)   Nanyakeun sumber-sumber informasi atawa argument,
(5)   Nyarankeun sangkan sawala teu méngpar kana tujuan utama.
(6)   Ngabéjaan bisi aya informasi anu can katepikeun,
(7)   Museurkeun konsénstrasi pikiran kana masalah nu hésé dipatotoskeun,
(8)   Nyacah/ngadaptarkeun hasil nu geus disaluyuan,
(9)   Nuyun kelompok sangkan nepi kana tujuan utama,
(10)  Teu nunda masalah nu can réngsé,
(11)  Mahing loba teuing (ngadominasi) nyarita,
(12)  Ngingetkeun pentingna babadamian, jeung
(13)  Mahing aya kelompok anu dirugikeun.
Kritéria nu jadi ukuran sawala diantarana.
(1)   Patali jeung topic nu disawalakeun sarta
(2)   Patalina jeung téhnik nu digunakeun.
Anu kudu diperhatikeun patalina jeung topic nya éta.
(a)    Maham henteuna masalah,
(b)   Titén henteuna kana padungdengan,
(c)    Lancar atawa ngayayay,
(d)   Aya henteuna bukti atawa pakta nu ngarojong,
(e)    Merhatikeun henteuna kana waktu,
(f)    Kekecapan nu digunakeunana umum atawa husus,
(g)   Pernyataan anu ditepikeun ngabingungkeun atawa kaharti,
(h)   Nyarita dibarengan ku ayana pakta,
(i)     Putusan pribadi atawa kelompok?
Patalina jeung téhnik nu digunakeun dina sawala, nya éta.
(a)    Daék nyarita upama pimangpaateun,
(b)   Nyarita sanggeus batur cacarita,
(c)    Nyarita saperluna,
(d)   Ngoméntaran dumasar data jeung pakta,
(e)    Teu ngaganggu harga diri,
(f)    Nafsirkeun pamadegan kalawan objéktif,
(g)   Teu cupet, lapang dada,
(h)   Teu ngarasa diri loba kanyaho, handap asor,
(i)     Rasional teu emosional,
(j)     Merhatikeun waktu nu ditangtukeun.
Ku cara merhatikeun rupa-rupa unsur atawa aspék di luhur dipiharep baris jadi panuyun ka sakur nu kalibet dina sawala kelompok. Ngan tangtu baé unggal sawala ngabogaan karakter séwang-séwangan luyu jeung jenis, wangun katut topic nu disawalakeun.
1)      Diskusi Panel
         Hiji kagiatan sawala anu diwangun ku sababaraha urang panelis salaku narasumberna. Sarat saurang panelis dina ieu diskusi, diantarana a) kudu nepikeun eusi pedaran anu luyu jeung aspek-aspek nu geus ditangtukeun; b) kudu ngawasa eusi anu ditepikeun ka pamilon kalawwan hade, jeung c) bisa ngendalikeun emosi pribadina sangkan tujuan panel kahontal.
Aya sababaraha aspék anu prlu diperhatikeun dina ngalaksanakeun diskusi panel, nya éta: 1) materi poko ditepikeun ku sababaraha panelis tina rupa-rupa jihat; 2) tanggapan, réspon, katut patalékan ti forum nu dipiharep dijelaskeun deui ku panelis.
2)      Brainstorming
         Mimiti dipikawanoh ti mangsa Perang Dunya II, dialpukahan ku Osborn. Ieu brainstorming miboga tujuan pikeun nyiptakeun, ngahasilkeun, jeung ngumpulkeun rupa-rupa (saloba-lobana) gagasan atawa pamadegan anyar ti para panyatur nu kalibet dina éta obrolan.
Ieu mangrupa salah sahiji metode sumbang saran dina raraga meunangkeun gagasan, pamadegan, informasi, pangaweruh, pangalaman, ti para pamilon anu kalibet dina éta sawala. Dina ieu sawala dipiharep bisa meunangkeun ideu kreatif saloba-lobana nu dihasilkeun hiji kelompok, nu unggal anggotana kalawan laluasa ngébréhkeun sakabéh ideu tanpa ayana kritik ti nu séjén.
Tujuan jeung mangpaat sawala  nya éta pikeun:
1)      Ngaidentifikasi masalah
2)      Néangan sabab musabab anu ngalantarankeun ayana masalah
3)      Ngimplementasikeun pemecahan masalah
4)      Ngararancang léngkah-léngkah dina ngajalankeun hiji aktivitas
5)      Nyokot kaputusan nalika nyanghareupan masalah
6)      Narékahan sangkan leuwih hadé ku cara ngoméan hal-hal anu kurang
3)      Debat
Kecap “debat” dina harti umum bisa disebut hiji bahasan ngeunaan hiji masalah nu ngandung ayana béda pamanggih atawa pamadegan anu dilaksanakeun kalawan langsung atawa paadu teuteup antara dua urang jalma atawa leuwih. Debat mangrupa kagiatan adu argumentasi antara dua pihak atawa leuwih, boh nu dilakukeun sacara individu boh kelompok pikeun nyawalakeun jeung mutuskeun masalah jeung bédana pamadegan.
4)      Simposium
Sawala anu dijejeran ku sababaraha urang ahli pikeun nepikeun biantara ngeunaan rupa-rupa jejer caritaan tina hiji téma, sarta nu lilana diwatesanan, upamana 5-15 menit sababaraha. Ieu sawala diwangun ku pamingpin sawala, ahli, jeung pamilon. Sawala symposium miboga tujuan pikeun nyawalakeun hiji jejer, sarta nampung rupa-rupa pamadegan nu jolna ti para pamilon (Tarigan, 1981) . kecap symposium téh asalna tina basa Yunani, nya éta Sym (jeung) sarta posis (nginum). Jadi symposium téh ngandung harti hajat nginum.
5)      Kolokium
Kolokium salasahiji jenis sawala anu tujuanna pikeun ngaréngsékeun rupa-rupa pasualan nu aya dina hiji jejer anu jolna ti pamilon atawa paregep. Lumangsungna ieu sawala diwangun ku pamingpin sawala minangka ahli nu tugasna ngan ukur narima jeung ngajawab pertanyaan ti pamilon atawa paregep.
6)      Fishbowl
Mangrupa salasahiji sawala kelompok nu diwangun ku sababaraha urang paserta nu dipingpin ku hiji ketua pikeun néangan hiji kaputusan. Kecap Fishbowl ngandung harti wadah lauk. Wangun sawala modél kieu mangrupa salasahiji téhnik dialog nu cukup éféktif pikeun ngawangun mutual understanding, utamana pikeun anggota nu miboga kasang tukang atawa pagawéan nu béda.
7)      Sidang
Mangrupa hiji riungan dina raraga ngamusawarahkeun hiji perkara pikeun ngahontal mupakat. Nilik kana kapentingan jeung masalahna, sidang ngawengku sababaraha rupa diantarana aya nu disebut sidang pleno, sidang komisi, sidang cabinet, sidang paripurna, siding luar biasa, siding pangadilan, jeung ujian siding.
8)      Buzz Group
Asalna tina basa Inggris, nya éta kecap “buzz” jeung “group”. “buzz” hartina ngahiung (dengung) “Group” hartina “kelompok”. Jadi bisa disebutkeun yén buzz group téh nya éta kelompok nu ngahiung. Éta meureun pédah salila lumangsungna diskusi aya sora rebut kawas sora éngang nu ngahiung.
9)      Policy Making Group
Kelompok gawé anu tugasna mere ajén, nimbang-nimbang hiji pasualan. Kelompok ieu biasana kapanggih dina hiji kagiatan saperti: kelompok juri atawa panangtu undang-undang. Policy making group mangrupa wangun sawala anu tujuanna pikeun nangtukeun kawijakan anu diwangun ku pamilon saperti (ahli, akademisi, politikus, jsté).
10)  Rolly Play
Hiji kagiatan nyarita anu dirojong hiji skenario. Roll play lumangsung di hiji rohangan nu ditata husus atawa di alam bébas. Matéri nu dipedar dina sawala modél kieu biasana nu raket jeung kagiatan kelompok gawé kayaning cara ngajar, cara tani, cara masak, deklamasi, téater jeung sajabana.
Referensi
Haerudin, Dingding & Agus Suherman. 2013. Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia





Komentar

Postingan populer dari blog ini

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

BIANTARA