BIANTARA
Ulikan ngeunaan tiori
nyarita sabenerna mah kaasup kahot pisan. Dina mangsa jaman Yunani kira-kira
abad V jeung ka VI saméméh maséhi tiori ngeunaan kumaha nyarita dihareupeun
balaréa atawa anu disebut pidato atawa biantara geus diarulik.
1.
Watesan Biantara
Biantara atawa pidato nya
éta nyarita dihareupeun balarléa, jalma réa (Sacadibrata, 2005:72). Dina
biantara anu nyarita mangrupa tokoh anu jadi puseur paninggal balaréa. Maksud
jeung tujuan biantara nya éta teu ngan saukur jadi tontonan tapi ngandung
tujuan pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti.
Tarigan (1981), nyebutkeun
yén biantara/pidato téh minangka aksi panyatur pikeun nepikeun hiji hal sacara
ngahaja jeung miboga sifat formal. Biantara/pidato téh hiji cara anu bisa
dijadikeun alat pikeun mangaruhan jalma réa sangkan miboga paham anu sarua
jeung pihak panyatur. Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS) (1995:76) diterangkeun
yén anu dimaksud biantara téh nya éta, nyarita atawa cacarita hareupeun
balaréa.
2. Rupa-rupa
Biantara
Hadinegoro, dina Syafi’ie (1988) ngabagi warna biantara jadi dalapan
bagéan, nya éta: (1) biantara instalansi pamaréntah, (2) biantara dina
parlemén, (3) biantara penerangan instansi, (4) ‘lecture’ atawa pembacaan, (5) kuliah, (6) ceramah, (7) biantara
hiji pausahaan, (8) biantara nu sipatna ngadidik.
Biantara téh kabagi kana sababaraha warna. Tarigan (1981:23)
ngelompokkeun warna biantara jadi opat bagéan, nya éta: (1) biantara
ngalaporkeun; (2) biantara kakulawargaan; (3) biantara ngayakinkeun, jeung (4)
biantara ngarundingkeun.
Upama dicindekkeun biantara téh ngabogaan sipat, nya éta (1) biantara nu
sipatna instruktif, nya éta biantara anu sipatna maréntah nu ngaregepkeun; (2)
biantara anu sipatna rékréatif, nya éta biantara pikeun ngahibur nu
ngaregepkeun; (3) biantara anu sipatna persuasive, nya éta biantara pikeun
némbongkeun hiji pamadegan, jeung (4) biantara anu sipatna argumentative, nya
éta ngayakinkeun nu ngaregepkeun.
3. Tujuan
Biantara
Tujuan biantara gumantung kana nu nyarita. Tujuan pokok tina biantara
nya éta pikeun komunikasi (Tarigan, 1981:15). Biantara ogé mibanda tujuan mere
katerangan atawa mapagahan, nu ditujukeun ka jalma réa atawa di ucapkeun di
hareupeun jalma réa (Hadinegoro, 2003:4). Nurutkeun Haérudin (2009:43) maksud
jeung tujuan biantara teh nya éta teu ngan saukur jadi tontonan tapi ngandung
tujuan pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti.
4. Sistematika
jeung Métodeu Biantara
Sistematika nyusun biantara di antarana waé (1)
ngucapkeun salam bubuka; (2) nepikeun bubuka anu biasa diucapkeun ku ucapan
hatur nuhun, ngungkapan kagumbiraan atawa rasa syukur; (3) nepikeun eusi
biantara; (4) nepikeun kacindekan eusi biantara; (5) salam panutup.
Metodeu dina biantara ogé teu béda jeung
métodeu nyarita sacara umum, nya éta: (1) métodeu impromptu, métodeu nu
dilakukeun dumasar kabutuh waktu dina poé harita; (2) métodeu ngapalkeun,
métodeu dumasar kana tatahar heula; (3) métodeu naskah, métodeu nu biasa dipaké
dina acara resmi; jeung (4) métodeu ékstémporér, métodeu nu saméméhna dirancang
heula kalawan bener-bener sarta dijieun catetan leutik.
5. Ciri-ciri
Biantara anu Hadé
Aya sababaraha ciri nu bisa di jadikeun kritéria yén
biatara téh miboga ajén hade atawa goréng. Herdikus (1993:48) nyebutkeun yén
aya salapan ciri nu bisa dijadikeun ukuran naha biantara téh miboga ajén hade
atawa goréng. Kasalapan ciri-ciri biantara kasebut, nya éta: (!) saklek; (2)
jelas; (3) hirup; (4) ngabogaan tujuan anu jelas; (5) ngabogaan gaya klimaks;
(6) malikan deui; (7) ngandung surprise;
(8) ringkes tapi munel; (9) aya variasi humor.
6. Téhnik Muka jeung Nutup Biantara
Dina mesék eusi pedaran, panyatur kudu mesék eusi
nepika bubuk leutikna. Medar eusi pedaran kudu luyu jeung nu geus dirarancang
saméméhna, mana nu kudu ditepikeun dina mesék eusi, jeung mana anu kudu
ditepikeun dina ahir pedaran. Rahmat nepikeun sawatara hal nu penting dina muka
biantara.
1) Bisa langsung nyebutkeun poko masalah.
2) Ngagambarkeun kasang tukang masalah anu rék dipedar.
3) Matalikeun jeung kajadian anu keur puseur panitén
balaréa.
4) Matalikeun jeung kajadian anu keur dipiéling.
5) Matalikeun jeung tempat urang biantara.
6) Matalikeun jeung suasana émosi massa.
7) Matalikeun jeung kajadian sajarah.
8) Matalikeun jeung pangabutuh utama massa.
9) Mere pangajén ka nu ngaluuhan patalina jeung préstasi
nu geus kahontal.
10) Mere patalékan anu provokatif sarta ngadorong
pamiarsapikeun nimukeun jawabanana.
11) Nepikeun cutatan.
12) Nyaritakeun pangalaman pribadi.
13) Medar carita factual, fiktif atawa situasi hipotésis.
14) Nepikeun tiori anu geus diaku benerna.
15) Nyiptakeun atawa nyieun suasana humor.
Muka biantara
kucara ieu mangrupa cara muka panghéséna. Lamun hasil muka biantara kucara ieu,
bakal mawa kasugemaan pikeun komunikan jeung komunikator.
Dina mungkas atawa nutup biantara,
panyatur perlu nepikeun kacindekkan eusi pidatona kalawan rimgkes. Rahmat
(1992:59-63) nepikeun sawatara hal dina nutup biantara, nya éta:
1) Nyindekkeun pedaran.
2) Ngajéntrékeun deui ngeunaan poko-poko pikiran
biantara.
3) Ngadorong massa sangkan ngalaksanakeun hal-hal anu
ditandeskeun.
4) Mungkas biantara ku gaya klimaks tina sakabéh pedaran
5) Nepikeun cutatan
6) Mere ilustrasi nu mangrupa conto tina téma caritaan nu
narik perhatian pamiarsa.
7) Nerangkeun maksud eusi carita nu sabenerna kana naon
anu geus ditepikeun.
8) Mere pamuji ka nu ngaregepkeun kalawan wajar, ihlas,
jeung teu kaleuleuwihi sangkan pamiarsa aya dina kaayaan sugema.
9) Nutup ku lulucon kalawan harepan pamiarsa meunang
kabungahan tur bisa seuri.
Hal penting
séjénna dina mungkas biantara, nya éta urang kudu sasadu ménta hampura ka
pamiarsa. Hal ieu ngajaga bisi aya omongan atawa paripolah urang nu matak
nyinggung nu ngaregepkeun.
7.
Wangun Biantara
Anu kaasup kana kelompok nyarita wangun biantara nya
éta saperti ieu di handap.
Orasi, nya
éta pidato atawa biantara nu ilahar dilaksanakeun di paguron luhur.
Hutbah, nya
éta pidato nu eusina mangrupa wejangan ngeunaan bagbagan agama jeung darigama
anu ditepikeun ku hotib di masigit saméméh ngalaksanakeun solah jumaah, idul
fitri, idul adha.
Ceramah, nya
éta pidato ngeunaan élmu pangaweruh, agama, ekonomi, sosial, budaya jeung
séjénna.
8.
Numuwuhkeun Karep Pamiarsa
Hal anu kudu ditengetkeun dina nyarita biantara, nya
éta: kudu tenget kana réspon ti pamiarsa kana pedaran urang; udagan utama nya
éta sngkan pamiarsa ngarti kana maksud pedaran; kudu aya karep ngaluyukeun diri
suasana tempat nyarita jeung kaayaan pamiarsa, sarta fleksibel dina midangkeun
pedaran; kudu ngaheulakeun interest (perhatian;pangaresep)
pamiarsa.
Referensi
Haerudin,
Dingding & Agus Suherman. 2013.
Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
Komentar
Posting Komentar