RÉTORIKA JUENG KOMUNIKASI


Rétorika mangrupa hiji prosés komunikasi anu dinamis. Ieu prosés lumangsung sabab ayana pangabutuh manusa pikeun ngalakukeun kagiatan komunikasi dina kahirupanana. Dina harti anu leuwih jembar, lumangsungna komunikasi dina kahirupan manusa diwangun: (1) komunikasi antar sasama manusa katut masarakatna, (2) komunikasi manusa jeung lingkungan katut alamna, sarta (3) komunikasi manusa jeung Allah Swt., nu nyiptakeunana. Pikeun ngalaksanakeun éta komunikasi téh, manusa ngabogaan rupa-rupa media, di antarana basa. Ceuk katerangan Syafei (1998:37) ti 200 taun ka tukang nepi ka kiwari yén basa minangka media nu digunakeun pikeun kajian ngeunaan rétorika.
Dina komunikasi lisan boh tulis, hakékat rétorika téh mangrupa prosés komunikasi anu ngabogaan system (sistematis). Anu dimaksud system dina hal ieu nya éta hiji beungkeutan nu ngandung sajumlah komponén, sarta masing-masingkomponén ngabogaan peranan jeung fungsi anu tangtu. Komponén-komponén prosés rétoris nya éta: 1) panutur (panyatur atawa panulis), 2) pesen komunikasi (massage), 3) saluran (channel), 4) alam semesta (universal) makro atawa mikro, jeung 5) paregep atawa pamiarsa (audience). Hubungan unggal komponén rétorika dina prosésna silih rojong atawa silih deudeul kalawan dalit pisan, nu kabéhanana ngarojong kana lumangsungna prosés komunikasi.
Dina sagédéngeun komponén-komponén anu silih rojong kalawan sistematis, rétorika ogé ngabogaan sajumlahing substansi, nya éta: 1) daya nalar nu hade, 2) matéri prémis, 3) basa, jeung 4) étika. Éta substansi rétorika téh gumulung dina prosés rétoris nu lumangsung hiji peristiwa komunikasi. Lantaran kitu, boh panyatur boh paregep duanana kudu ngawasa éta substansi nu aya dina rétorika.
Komunikasi disebut éféktif saupama paregep atawa nu maca pesen nu jadi nyaho, pamah, jeung narima informasi anu ditepikeun dina prosés rétoris. Nepikeun pesen komunikasi dina prosés rétoris bisa dilaksanakeun ku cara langsung (direct) jeung teu langsung (indirect). Kahontal henteuna tujuan komunikasi nu dilaksanakeun panyatur/panulis dina prosés rétoris bisa niténan paregep/pamaca ngawasa henteuna, nyangking heunteuna, ngarti henteuna atawa maham henteuna sakur informasi anu katarimana.
Referensi
Haerudin, Dingding & Agus Suherman. 2013. Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia 



Komentar

Postingan populer dari blog ini

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

BIANTARA

SAWALA KELOMPOK