PANGAJARAN NYARITA
Kamahéran
nyarita bisa kapimilik ku unggal jalma saupama boga karep jeung daék diajar.
Ngahontal kamampuh seni nyarita tangtu kudu weruh sawatara hal, nya ku Mulgrave
dina Tarigan (1981:22) ditétélakeun ragam seni nyarita ieu di handap.
1. Ragam Seni
Nyarita
Ragam seni nyarita dibagi jadi dua
bagian, nya éta nyarita di hareupeun masarakat umum (public speaking) jeung nyarita dina kagiatan sawala atawa gempungan
husus (conference speaking).
2. Nyarita
dina Pangajaran Basa
pangajaran
nyarita geus tétéla mangrupa bagian tina opat kaparigelan basa. Dina widang
pangajaran, nyarita mangrupa kagiatan komunikasi lisan. Dina widang atikan di
sakola, pembelajaran ngagunakeun basa lisan téh dilatih ku rupa-rupa tehnik
latihan nyarita, di antarana waé:
·
Ngawanohkeun
diri;
·
Midangkeun
pakta;
·
Nyieun atawa
medar hiji hal;
·
Ngalaporkeun
hiji hal;
·
Ngoméntaran;
·
Ngaréproduksi,
jeung
·
Nyarita
tatalépa.
3. Métodeu
Nyarita
Metodeu nyarita anu ceuk Mulgrave dina Tarigan
(1981:22-23) dibagi jadi opat rupa, nya éta:
(1)
Métodeu Ngadadak (Impromtu)
Ieu metodeu biasana dipaké ku panyatur anu dina
nepikeun biantarana teu tatahar heula saméméhna.
(2)
Métodeu Naskah (manuscript)
Panyatur dina nyaritana téh bari maca naskah.
(3)
Métodeu Tanpa Persiapan (ékstémporaneus)
Saméméh biantara, panyatur ngapalkeun heula bahan
picaritaeun anu geus disusunna. Nyarita samodél kieu biasana sok dipaké ku para
siswa nu keur dialajar biantara, diajar déklamasi atawa ngadongéng.
(4)
Métodeu
Ngapalkeun (memory)
Ieu metodeu mangrupa campuran tina dua metodeu di
luhur. Kaunggulan ieu metodeu ti nu kadua diantarana waé panyatur bisa ngabagi
paningal ka pamiarsa, sarta aya kontak paningal jeung pamiarsa.
4. Métodeu
Pangajaran Nyarita
Ieu metodeu dipaké pikeun ngaronjatkeun kamahéran
nyarita, kalawan meunang pangaping langsung ti guru. Metodeu pangajaran nyarita
dibagi jadi tilu bagian, nya éta: (1) Métodeu terpimpin, (2) Métodeu semi
terpimpin, (3) Métodeu bébas.
5. Nyarita
dina Babasan jeung Paribasa
Peta basa atawa peta nyarita di masarakat Sunda mah
geus natrat aya di béh ditu mula kekecapan modél Hadé ku omong goréng ku omong.
Geura ieu di handap wangun babasan jeung paribasa nu ngandung harti, aya
patalina jeung kagiatan nyarita.
1) Abong biwir
teu diwengku, abong létah teu
tulangeun
2) Amis budi
Hadé budi parangi, soméah, mun
nyarita sok dibarung ku imut.
3) Ateul
biwir, sok géték hayang baé ngomong
sanajan teu perlu dicaritakeun.
4) Biwir
awéwéeun, sok ngedalkeun kecap-kecap
nu kurang hade.
5) Budi santri
légeg lebé, lampah
euwah-euwah jelema anu bener omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener,
padahal saenyana mah jahat.
6) Ceplak
Pahang, satarabasna teuing kajeun
matak nyeri hate batur.
7) Dibéjérbéaskeun,
diécéskeun atawa dijéntrékeun pisan.
8) Gantung
déngé, ngarasa hanjakal sabab
hayang kénéh ngadéngékeun, anggeus mantén.
9) Hade lambé
(lalambé), alus omong tapi
teu terus jeung haté.
10) Ipis biwir, Epésméér, babari ceurik.
11) Jabung tumalapung, sabda kumapalang milu nyarita banding ngarumasakeun
taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
12) Kalah ka ngahuntu, ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.
13) Lanca-linci luncat mulang, jalir jangji, udar subaya.
14) Malapah gedang, malibir heula méméh nyaritakeun maksud nu saenyana.
15) Ngadu bako, ngobrol ngalér-ngidul ban teu puguh jelema.
16) Omong harus batan goong, béja gampang nerekebna, jeung biasana sok pada
ngaleuwihan tina buktina.
17) Pondok
catur panjang maksud, caritaan anu ringkes tapi jelas.
18) Sacangreud
pageuh-sagolék pangkék, sagala
omonganana.
19) Teu basa
(béja) teu carita, teu aya béja
pisan.
20) Weruh saduning winarah, nyaho ti heula saméméh dibéjaan.
Lain
ku réana wungkul pentingna téh, tapi ogé upama niténan ma’nana. Katingalina mah
dina hiji mangsa, dina hirup kumbuh masarakat Sunda péta nyarita téh kungsi
jadi indicator anu kagolong pangpentingna dina nangtukeun pribadi jalma.
6. Nyarita
jeung Pragmatik
Nyarita jueng pragmatic lir ibarat gula jeung
peueutna. Dina ieu bagian baris dipedar anu patalina élémén-élémén dina
komunikasi anu ilahar disebut bagbagan makéna basa Sunda katut aspék-aspék
pragmatic, saperti ieu di handap.
1)
Bagbagan Makéna Basa
(a) Deixis nya éta hal atawa fungsi anu nuduhkeun nanaon/
rupa-rupa hal di luareun basa.
(b) Convensional
Implicature
Implikatur
konvensional nya éta bagbagan milih kecap atawa ungkara, upamana baé métafora
bakal ngagunakeun kecap atawa ungkara anu béda jeung kecap atawa objék anu
béda, dumasar kana babandingan atawa sasauranana.
(c) Presuppotion
mangrupa oikiran atawa panyangka anu aya patalina
jeung kamustahilan bisa kajadian, masalah proyéksi atawa nonjolkeun hiji hal,
jeung rupa-rupa katerangan anu ngajéntrékeun.
(d) Speech act
atawa speech event salawasna
kapangaruhan ku faktor-faktor kagiatan ngagunakeun basa.
(e) Conversational
Structure (struktur paguneman),
adeganana bakal béda-béda gumantung kana faktor-faktor nu aya dina kagiatan
ngagunakeun basa.
2)
Aspék-aspék Pragmatik
Pangdeudeul kamahéran laku basa utamana dina kagiatan
nyarita, anu merenah tangtu baé ngawengku kamampuh ngalafalkeun/ ngucapkeun,
struktur (kecap, kalimah), jeung milih kecap. Sawatara aspék anu kaasup kana
pragmatic, katut conto-contona, saperti ieu dihandap.
a.
Aspék
sosialisasi
b.
Aspék
inteléktual
c.
Aspék émosional
d.
Aspék informasi
faktual
e.
Aspék
ngaréngsékeun hiji masalah
f.
Aspék moral
3)
Tatakrama dina Nyarita
Tatakrama disebut ogé étikét (prancis), hartina aturan
kabiasaan jeung cara-cara hirup masarakat di hiji wewengkon. Istilah tata (Kawi) hartina adat, aturan, bérés
jeung krama (Sansakerta) hartina
sopan atawa lemes. Nilik kana éta konsép tatakrama bisa disebut ogé aturan
atawa kaédah-kaédah sopan santun anggota masarakatna di hiji wewengkon nu geus
lumangsung kalawan ragem.
Tatakrama basa lain ukur
diwangun ku unsur verbal, tapi ogé nonverbal. Dina tatakrama mah nuduhkeun ku
curuk jeung ku jempol téh geus ngabédakeun suasana nyarita. Aya ogé unsur
nonverbal séjénna saperti unsur parobahan sora anu ilaharna disebut paralinguistic (para, di sagédéngeun).
Unsur nonverbal nu nétélakeun jarak (jauh deukeutna) nu keur cacarita sok
disebut proksemik (tina basa Latin Proximare = ngadeukeutan). Ditilik tina jihat pragmatic, kagiatan
komunikasi atawa gunem catur téh raket patalina jeung tatakrama basa. Tatakrama
basa téh gedé leutikna dipangaruhan ku laku basa anu dipilih ku panyatur.
Referensi
Haerudin,
Dingding & Agus Suherman. 2013.
Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
Komentar
Posting Komentar