NYARITA ÉFÉKTIF


1.       Nyarita Éféktif
            Nyarita nu éféktif nya éta nyarita anu jelas, puguh éntép seuruhna, aya topic anu dipedar, puguh antara tujuan jeung nu dicaritakeun. Nyarita éféktif lain nyarita anu panjang lébar bari ngayayay. Nyarita teu perlu panjang, tapi nu penting poko pikiran anu geus direncanakeun bisa katepikeun ka pamiarsa.
            Hal anu perlu diperhatikeun ku nu cacarita nurutkeun Amran Halim (1982), diantarana waé, 1) lafal atawa ucapan (kaasup vocal, konsonan jeung intonasi/ lentong), 2) tatabasa, 3) kabeungharan kecap / kosa kata, 4) paséhat / lancarna cumarita. Nurutkeun Aristoteles unsur-unsur penting dina nyarita téh aya lima, nya éta:
1)      Gagasan utama anu jadi jejer pedaran;
2)      Gaya atawa basa nu digunakeun;
3)      Susunan atawa éntép seureuhna gagasan-gagasan;
4)      Kumaha cara midangkeunana.
5)      Kamampuh nalar.
Aya sawatara pasaratan anu perlu diperhatikeun ku panyatur sangkan bisa nyarita kalawan éféktif, nya éta: 1) sikep nyarita, 2) struktur bahan caritaan, 3) basa nu digunakeun, 4) ngawasa bahan, jeung 5) ngawasa pamiarsa.

2.       Sikep Nyarita
Saurang panyatur kudu merhatikeun sikepna salila nyarita. Anu perlu diperhatikeun ku panyatur saméméh nyarita, nya éta:
1)      Pasemon jeung Paneuteup
Panyatur sawadina narékahan sangkan bisa némbongkeun sikep babarayaan. Soméah, sarta dibarengan ku malédogkeun imut, ulah baketut haseum.
2)      Ningalikeun gaya basa jeung Gerak-gerik anu wajar 
Sikep nyarita atawa basa badan anu hade baris nutupan ratugna jajantung. Gerak-gerik panyatur anu wajar, basajan, teu kaleuleuwihi, baris ngarojong kana kalancaran nepikeun pesen sarta ngagampilkeun pamiarsa dina prosés maham eusi.
3)      Percaya Diri
Panyatur nu mibanda rasa percaya diri moal dilimpudan teuing ku raga gugup ngadégdég atawa nyorodcod. Rasa percaya diri baris ngarojong kana kalancaran lumangsungna prosés komunikasi.
4)      Merhatikeun Basa nu digunakeun
basa nu dipaké dina nyarita éféktif dipiharep komunikatif, gampang kaharti, diluyukeun jeung kasang tukang pamiarsa, teu ambigu, kekecapanana sederhana, pilihan kecapna merenah. Kitu ogé lentong, volume sora, undak-usuk basana perlu diperhatikeun.
5)      Nyangking bahan  
Panyatur kudu nyangking bahan anu baris dicaritakeun. Nyangking picaritaeun mangrupa sarat mutlak dina nyarita, sabab hakékat nyarita téh pikeun nepikeun bahan nu mangrupa ide, gagasan, jeung pesen, anu satuluyna jadi eusi informasi pikeun pamiarsa.
6)      Ngawasa Pamiarsa/ Paregep
Panyatur nalungtik kaayaan pamiarsa, saha, ti mana asalna, pendidikanana, kasang tukang pangaweruhna, lalaki atawa awéwé, kolot, budak, atawa rumaja. Panyatur kudu bisa ngawasa pamiarsa. Ciri panyatur geus bisa ngawasa pamiarsa nya éta ditilik tina réspon anu ditémbongkeun ku pamiarsana.
7)      Nyugemakeun pamiarsa/paregep
Ngajaga kasugemaan pamiarsa kudu diperhatikeun ku panyatur. Sawatara hal nu dianggap penting sangkan aya kasugemaan dina diri pamiarsa nya éta hadé gogog hadé tagog, hadé tata hadé basa, hade budi parangi, bear marahmay.



3.      Struktur Bahan Caritaan
Struktur caritaan kudu logis, gampang kaharti, sarta luyu jeung pangabutuh pamiarsa. Struktur bahan caritaan anu disusun kudu mibanda tilu hal, nya éta:
1)      Bubuka
Bubuka caritaan bisa rupa-rupa, luyu jeung pangalaman panyatur dina nyarita.
2)      Eusi
Ngararancang eusi/bahan jeung struktur caritaan anu bisa dimekarkeun jeung struktur caritaan anu bisa dimekarkeun jeung dilaksanakeun ku panyatur saméméh nepikeun informasina.
3)      Panutup
Dina bagian panutup biasana panyatur nepikeun kacindekan atawa saran-saran.

Referensi
Haerudin, Dingding & Agus Suherman. 2013. Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
  

           
  



Komentar

Postingan populer dari blog ini

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

BIANTARA

SAWALA KELOMPOK