MONOLOG
Monolog
salah sahiji wangun nyarita saarah. Anu kaasup kana wangun nyarita monolog nya
éta biantara, ceramah, hutbah, orasi, ngadongéng, maca puis atawa deklamasi,
jeung maca carpon. Monolog ngandung harti kagiatan nyarita pikeun nepikeun
kareteg hate, maksud, atawa informasi ti saurang jalma ka jalma séjén.
Istilah
monolog mimiti diwanohkeun kira-kira taun 60-an. Di Hollywood, nu persisna mah
taun 1964 mekar jadi sarana seni jeung teater. Monolog ogé mindeng kapanggih
dina pintonan film-film komedi, horror, jeung sajabana. Salah saurang tokoh nu
ngagagas monolog nya éta Charlie Caplin.
Monolog
dina seni
adegan kayaning drama atawa sandiwara tunggal biasana midangkeun
paguneman nu dilakukeun ku saurang palaku tunggal. Monolog dina seni
sastra, upamana dina dongéng, carpon, atawa sajak mah diwangun ku
kecap-kecap atawa omongan nu diébréhkeun pikeun ngagambarkeun kaayaan nu
karandapan saurang tokoh, boh dirina boh jalma séjén.
Referensi
Haerudin,
Dingding & Agus Suherman. 2013.
Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
Komentar
Posting Komentar