HAKÉKAT NYARITA
1. Nyarita Mangrupa Prosés Komunikasi
Komunikasi disebut ogé lumangsungna
prosés nepikeun jeung narima amanat, talatah, omongan atawa informasi anu
dipilampah ku dua jalma atawa leuwih. Anu dimaksud prosés téh nya éta interaksi
verbal antara paregep jeung panyatur. Dina prosés komunikasi antara panyatur
atawa nu nyarita jeung pamiarsa téh aya hubungan timbal balik atawa silih papag
(reciprocal). Kagiatan Komunikasi
diwangun ku panyatur (nu nepikeun informasi) antarjalma, nya éta ayana nu
nepikeun informasi (komunikator),
informasi anu ditepikeun, jeung nu narima informasi (komunikan). Tegesna mah aya anu nyarita, anu ngaregepkeun, jeung
aya nu dicaritakeun.
Nyarita mangrupa kagiatan
komunikasi. Sakur jalma dina hirup kumbuh di lingkungan masarakatna teu bisa
leupas tina kagiatan komunikasi. Sarana pikeun lumangsungna prosés komunikasi
nya éta basa. Salian ti basa, komunikasi ogé bisa lumangsung ngaliwatan sarana
séjénna, di antarana waé isarat, tanda, sora, lambing, atawa symbol. Kagiatan
komunikasi nu ilahar dina kagiatan sapopoé lumangsung ngaliwatan basa.
Gerak-gerik bagian anggota badan,
saperti unggeuk, gideug/ gigideug, gogodeg, ngagupay, ngiceup, nunjuk, jeung
rupa-rupa isarat séjénna kaasup bagian tina kagiatan komunikasi. Komunikasi
lisan ilaharna disebut nyarita. Nyarita mangrupa salasahiji kamampuh
ngagunakeun basa anu dipibanda ku unggal jalma. Jadi hakékatna mah nyarita téh
mangrupa hiji prosés komunikasi. Ku kituna, perlu pisan urang maham kana
lumangsungna prosés komunikasi.
2. Watesan
Nyarita
Ngaliwatan nyarita, unggal jalma bisa ngébréhkeun eusi
haténa (gagasan, unek-unek, kahayang, saran, jeung sajabana) ka jalma séjén.
Nyarita anu hade, puguh éntép seureuhna tangtu bakal ngalancarkeun dina
nepikeun hiji pesen ti panyatur ka paregep nu diajak nyaritana. Istilah nyarita
upama ditilik sacara heureut sarua jeung catur,
nyatur ngomong, nyarios, cacarios, nyanggem, sasanggem.
Dina Kamus Umum Basa Sunda
Danadibrata (2005:94,268) ditétélakeun yén nyarita, carita (basa Sansekerta)
atawa carios nya éta omongan anu maksudna méré nyaho hal naon-naon; nyarita
atawa cacarita nya éta ngalisankeun naon-naon, supaya batur nyahoeun Nyarita,
omong, ngomong (sasauran) ngandung harti nepikeun sawatara kecap, tanda
ngabéjaan, ménta, nitah atawa nyarék.
Dina harti jembar nyarita nya éta
nepikeun eusi haté sacara lisan atawa ngébréhkeun kereteg haté ka jalma séjén.
Nyarita ngandung harti ogé mangrupa hiji peristiwa nepikeun maksud (ide,
pikiran, maksud, kereteg hate) ti saurang jalma ka jalma séjénna ku basa lisan
nepi ka jalma nu diajak nyarita téh ngarti. Hal séjén anu mangaruhan kana
kagiatan nyarita hiji jalma nya éta ayana hiji masalah nu jadi jejer caritaan
jeung ayana lawan nyarita. Sawatara hal anu penting dina kagiatan nyarita,
kayaning:
a) Aya pihak anu nepikeun maksud, disebutna nu nyarita (sender);
b) Aya pihak anu narima maksud, disebutna anu diajak
nyarita (receiver);
c) Aya parabot geusan nepikeun éta maksud, nya éta basa
lisan;
d) Aya maksud anu ditepikeun ku anu nyarita sangkan
kahartieun ku anu diajak nyarita (paregep).
Kamampuh nyarita
nya éta kaparigelan ngedalkeun omongan atawa caritaan anu kaluarna mangrupa
runtuyan kecap jeung kalimah ngaliwatan sora basa ti hiji jalma ka jalma séjén.
3. Tujuan
Nyarita
Ditilik tina runtuyan jeung
suasanana, nyarita téh miboga rupa-rupa tujuan. Tujuan anu utama nyarita nya
éta pikeun komunikasi. Tujuan umumna nya éta pikeun:
1) Ngarojong,
2) Ngayakinkeun,
3) Migawé / milampah hiji hal,
4) Ngalaporkeun atawa nepikeun informasi,
5) Ngabubungah atawa ngahibur batur, Jsté.
Sedengkeun
tujuan hususna nya éta diluyukeun jeung hal-hal anu rék dicaritakeun sarta
nyoko kana tujuan umum anu rék dihontal salila kagiatan nyarita lumangsung.
Nyarita ogé miboga fungsi pikeun:
·
Miara hubungan
sosial.
·
Ngarawat / ngariksa
warisan budaya.
·
Ngaréalisasikeun
diri.
·
Dinamika sosial.
·
Mindahkeun ajén
budaya.
4. Mangpaat
Mahér Nyarita
Lancar
jeung mahér nyarita disebut ogé eluctio (basa
Yunani). Mahér nyarita téh gedé mangpaatna pikeun ngaronjatkeun kamampuh
pribadi. Sawatara ahli nepikeun rupa-rupa mangpaat mahér nyarita, nya éta
pikeun:
1) Ngurangan rasa kéder, waswas, jeung gugup dina
nyanghareupan jalma réa;
2) Ngalatih numuwuhkeun kapercayaan diri;
3) Ngalatih téhnik sora, artikulasi;
4) Nyangking daya pérsuasi;
5) Ngabina kamampuh pédagogis jeung psikologis;
6) Nambahan pangaweruh kabeungharan kecap;
7) Ngabina kamampuh ngaéksprésikeun diri;
8) Teu apriori jeung kamampuh ngahargaan jalma anu keur
cacarita;
9) Ngalancarkeun dina prosés komunikasi;
10) Teu hésé dina mangaruhan jalma séjén;
11) Miboga sikep siliajénan;
12) Mibanda sikep positif ka sasama;
13) Teu hésé ngayakinkeun jalma réa
14) Parigel sarta mibanda kakuatan dina mertahankeun
pikiran atawa pamadegan;
15) Bisa ngabina hubungan (relasi) nu nguntungkeun kana
jabatan, organisasina, atawa partéi politikna;
16) Ngalegaan pangaweruh hususna ngeunaan sumber
informasi;
17) Teu cupet jeung nutup diri;
18) Nganteur kana widang interest nu anyar;
19) Mibanda sikep objektif jeung toleran; sarta
20) Lancer dina campur gaul jeung komunikasi papada jalma.
Referensi
Haerudin,
Dingding & Agus Suherman. 2013.
Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
Komentar
Posting Komentar