DIALOG
1. Wangenan
Dialog
Nurutkeun élmu komunikasi anu disebut dialog (dialogika), nya éta élmu ngeunaan
rupa-rupa kagiatan nyarita nu dilakukeun ku papada jalma. Salasahiji tujuan
dialog dina sandiwara, pilem,drama, longsér nya éta pikeun ngébréhkeun watek
para tokoh, atawa ngajéntrékeun eusi lalakonna. Dialog disebut ogé paguneman
(dina sandiwara, carita, jeung sajabana); dialog bisa ogé mangrupa karya tulis
nu dipidangkeun dina wangun paguneman antara hiji tokoh atawa leuwih (KUBI,
1996:204). Kecap dialogis hartina ngandung sipat terbuka atawa komunikatif.
Dina Kamus Basa Sunda Sacadibrata (2005:348) aya kecap sawala, nu
hartina parebut bebeneran; nyawalakeun; nyalahkeun pertimbangan batur, bari
nerangkeun pertimbangan sorangan, maduan. Sacara étimologis kecap dialog
diwangun ku dua kecap nu asalna tina basa Yunani, nya éta dié (dia) nu hartina jalan baku; cara jeung logos nu hartina kecap. Jadi singgetna mah kecap dialog téh
ngandung harti kumaha carana jalma ngagunakeun kecap.
Tujuan dialog nya éta pikeun ngébréhkeun ka teu logisan (hal-hal anu teu
kahontal ku pikiran pribadi). Jadi ku cara dialog urang bisa ngawangun hiji
pamikiran koléktif nu diwangun ku cara babarengan kalawan hasilna original
jeung kreatif. Prosés dialog nya éta prosés numuwuhkeun hiji kasadaran mikir
koléktrif.
Cindekna yén nu disebut dialog téh nya éta kagiatan
nyarita anu diwangun ku sababaraha urang jalma pikeun madungdeungkeun hiji
pasualan atawa prosés komunikasi nu dilakukeun ku dua pihak pikeun ngayakeun
tuker pikiran nu dipungkas ku ayana kasaluyuan ti dua belah pihak minangka
putusan ahirna.
2. Prinsip-prinsip
Dialog
Dialog lumangsung alatan ayana kaperluan pikeun
ngaréngsékeun hiji pasualan, kayaning maluruh konsép, jalan, atawa cara, nepi
ka ahirna jadi hiji kamupakatan nu diputuskeun kalawan babarengan. Brooks dina
Tarigan (1981:16) nétélakeun prinsip-prinsip nu kudu aya dina kagiatan nyarita.
Ieu prinsip-prinsip téh ogé merenah pisan upama dipaké dina kagiatan dialog,
nya éta:
1) Ngabutuhkeun paling saeutik dua jalma.
2) Ngagunakeun tanda-tanda linguistic anu kaharti ku
partisipan atawa panyatur jeung paregep.
3) Narima atawa
sapuk kana rujukan umum.
4) Mangrupa hiji kagiatan silih tukeur antar partisipan
atawa nu kalibet dina kagiatan dialog.
5) Ngahubungkeun unggal panyatur jeung panyatur séjénna
atawa lalu lintas, timbal balik boh antar panyatur boh jeung lingkunganana.
6) Matérina dipatalikeun jeung kabutuh atawa kaayaan
kakiwarian.
7) Leuwih ngutamakeun ayana kontak antar panyaut atawa
teu ngaliwatan media séjénna.
8) Ngutamakeun prinsip keadilan, teu pandang bulu atawa
cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng.
Singgetna mah
anu jadi prinsip dina dialog sacara umum nya éta:
1) Aya hiji masalah anu jadi jejer padungdeungkeuneun.
2) Silih tukeur informasi jeung pamikiran dina wilayah
pangalaman anu béda.
3) Masing-masing jalma nu kalibet bisa nepikeun jeung
narima pamadegan.
4) Nyiptakeun hubungan harmonis sarta ngupayakeun
lajuning laku tina hasil nu geus jadi kamupakatan.
5) Leuwih ngutamakeun mikir rasional tinimbang émosi.
3. Unsur-unsur
nu Ngawangun Prosés Dialog
Sawatara hal umum anu kaasup kana
unsur-unsur anu ngawangun dialog di antarana (1) ayana jejer anu
diadurényomkeun sarta (2) palaku, nya éta bisa diwangun ku pangjejer jeung
pamilon. Powers dina Tarigan (1982:19) nétélakeun yén dina kagiatan komunikasi
di masarakat, kaasup dina dialog bisa ngawangun aya opat unsur kaparigelan, nya
éta: (1) kaparigelan sosial, (2) kaparigelan semantic, (3) kaparigelan fonétik,
jeung (4) kaparigelan vocal.
Dina
prungna dialog, aya sawatara unsur anu perlu diperhatikeun sangkan nyumponan
kaédah-kaédah kalawan sistematis jeung pragmatis, nya éta:
1) Ngabadamikeun hiji topic
2) Tumuwuhna kasadaran pentingna ngaréngsékeun masalah
3) Masing-masing boga hak nepikeun pamadeganna
4) Leuwih ngutamakeun rasional tinimbang emosional
5) Dibarengan nu ayana rasa kagumbiraan
6) Aya kasanggupan pikeun kompromi
7) Patuh kana tata tertib sawala
8) Maham kana sawala anu disawalakeun
9) Sanggup mikir bébas jeung lugas
10) Mahér ngaregepkeun, ngajéntrékeun, jeung nganalisis
11) Sanggup narima pamadegan batur nu bener
12) Parigel nannya jeung nolak pamadegan batur kalawan
lugas.
Sedengkeun sarana anu perlu aya dina dialog nya éta: aya jejer dina makalah/ matéri anu dipidangkeun; aya
tanggapan jeung bahasan kana matéri anu dipidangkeun nu ditepikeun ku panyatur
séjénna; jeung aya tanggapan, pertanyaan, jeung koméntar séjénna ti pamilon.
15.4
Rupa-rupa Wangun Dialog
Rupa-rupa wangun dialog anu baris dipedar, diantarana
diskusi panel, brainstorming, debat, symposium, kolokium, fishbowl, siding,
buzz group, policy making group, jeung
roll play. Sababaraha istilah nu
ditataan dina rupa-rupa éta wangun dialog bisa dipaké dina kagiatan diajar
ngajar anu ilaharna disebut modél pangajaran kooperatif. Pikeun jadi modél
pangajaran tangtu perlu rupa-rupa aspék séjénna anu ngadeudeul kagiatan
pangajaran, kayaning maluruh kurikulum, ngararancang matéri pangajaran, katut
pituduh prak-prakanana di kelas.
Referensi
Haerudin,
Dingding & Agus Suherman. 2013.
Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
Komentar
Posting Komentar