UNSUR-UNSUR RÉTORIK


Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 43) Artikel Karl Wallace nu  judulna “the substance of rhetoric: good reasons” dina quarterly journal speech nomer 45, 1963 nétélakeun yén the substance of rhetoric is good reason  and the basic materials of discourse are ethical and moral values and information relevant to these. Dina éta artikel Karl Wallance di tétélakeun yén unsur rétorika téh nya éta good reason (alesan nu kaharti ku akal).
Istilah good reason anu di tepikeun Karl Wallance éta téh ku Aristoteles dina buku nu judulna rhétoric, disebutna proof (bukti/alesan/argumentasi). Satuluyna Aristotélés nétélakeun yén proof téh bisa “artistic” jeung bisa “inartistic”.
Artistic proof ngabogaan tilu wanda, nya éta (1) éthical proof nya éta prosés  ngabuktikeun, nepikeun alesan atawa arguméntasi di barengan ku étika. (2) psychological proof nya éta proses ngabuktikeun nepikeun alesan atawa arguméntasi nu di barengan ku ayana hiji suasana anu ngarojong paregep atawa pamaca pikeun percaya atau narima alesan nu di tepikeun ku panyatur. (3) logical proof nya éta proses ngabuktikeun, nepikeun alesan atawa arguméntasi di barengan ku logika sangkan informasi kaharti ku akal sarta katampa ku pareregep atawa pamaca.
Aya deui pamadegan séjén anu di nétélakeun yén rétorika mangrupa wengkuan tina tilu unsur nu di sebut trivium. Dumasar kana trivium éta unsur unsur nu ngawangun rétorika di antarana ngawengku rupa rupa gaya basa, di antarana kayaning ieu di handap.
1.      Pedaran
Kualitas pedaran minangka salah sahiji unsur rétorika anu bisa mangaruhan kana kualitas eusi caritaan panyatur.
2.      Gaya Basa
Nya éta wana ékprési basa dina nepikeun pesen boh dina prosa boh dina puisi atawa cara hiji panyatur/pangarang dina neupikeun omongan.
Gundukan gaya basa saperti bisa tengetan dina catetan ieu di handap.
(a) Ngumpamakeun (simile) nya éta ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sifatna nembrak.
(b) Mijalma (personifikasi) nya éta ngabandingkeun hiji barang nu teu nyawaan di saruakeun jeung nu nyawaan.
(c) Ocon (metonomia) nya éta ngagunakeun kecap ngaran salah sahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis.
(d) Ngasor (litotes) nya éta anu di paké pikeun ngarendahkeun diri tandaning sopan atawa handap asor.
(e) Rautan (eufimisme) nya éta anu ngandung maksud ngomah ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana.
(f) Lalandian (metafora) Nya éta anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi.
(g) Raguman (sinékdok) nya éta anu ngébréhkeun rupa rupa hal di hijikeun, di sawadahkeun, atawa di sabeung-keutkeun. Raguman dibagi dua (1) turunan (2) tunggalan.
(h) Rarahulan (hiperbola) nya éta anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén tapi omongana kaleuleuwihi.
(i) Kadalon (pléonasme) nya éta anu ngagunakeun kecap kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih mistina.
(j) Ébrehan (périprase) nya éta anu ngébréhkeun gunana kaayaan hiji barang, tapi ari nu maksud mah nya éta barang nu ka ancikan.
(k) Kahanan nya éta anu ngébréhkeun kahanan sifat, anu khusus atawa barang.
(l) Silib (alégori) eusina di balibirkeun
(m) Antonomasia nya éta anu di paké nyebutkeun sifat nu goréng tina ngaran jalma anu nepi nélahna.
(n) Éponim nya éta anu kahanan, anu di paké nyebutkeun sipat nu alus tina ngaran jalma nepi ka nelahna.


3. Komposisi
Dina nyusun pidato, panyatur kudu nangtukeun komposisi rétorika anu jelas. Pikeun menangkeun komposisi rétorika anu hade aya tilu prinsip komposisi nya éta :
a.       Dalit (unity)
b.      Hubungan (coherence)
c.       Jejer caritaan (titik berat/empasis)
Katilu unsur pokok rétorika di luhur dina hakékatna mah mangrupa wujud tin prinsip –prinsip dasar modern, anu ngawengku :
a.       Pangawasan sacara aktif tina sajumlah kandaga kecap
b.      Ngawasan sacara aktif kaédah-kaédah katatabasaan bakal nyababkeun panyatur bisa ngagunakeun rupa rupa wangun kecap tur make konotasi anu béda-béda.
c.       Pangawasan gaya basa jeung mampuh nyiptakeun trend anyar.
d.      Miboga pangampuh nyangkem anu hade
e.       Nyaho kana katangtuan katangtuan tehnis dina nyusun komposisi.
Aristotélés jeunh cicero geus nyusun aturan rétorika nya éta
a.       Invensi (invention)
b.      Disposisi (dispositio)
c.       Elukosi (elucotio)
d.      Ingetan (memoria)
e.        Cara ngucapkeun kekecapan (pronuntiatio)
Ditilik tina fakta jeung kabutuhan, unsur rétorika téh ngawengku :
a.       Saluran (media)
b.      Argument
c.       Réséptor/paregep
d.      Komunikator/panyatur.

Référénsi
Haerudin, Dingding & Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia. 




Komentar

Postingan populer dari blog ini

BIANTARA

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

SAWALA KELOMPOK