RÉTORIKA MINANGKA ÉLMU
Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013,
kaca 31) Élmu pangaweruh sacara umum dikelompokkeun jadi tilu bagian, nya éta:
kelompok élmu alamiah (natural science),
élmu sosial (social science), jeung pangaweruh budaya (the humanities).
Ilaharna
hiji widang élmu hakékat gumulung tina tilu hal, nya éta ngabogaan aspék ontologi, epistimologi, jeung aksiologi. Kitu ogé élmu rétorika,
ngabogaan objék, poko pasualan, atawa masalah anu dikajina (ontologi), ngabogaan métodeu anu dimekarkeun (epistimologi), jeung puguh atawa jelas mangpaatna (aksiologi).
1.
Sawangan
Ontologi
Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman
(2013, kaca 32) Objék pasualan atawa masalah anu dikaji dina rétorika bisa
digambarkeun kalawan sistematis sakumaha widang élmu nu séjénna. Dina élmu
rétorika ditétélakeun prinsip-prinsip filosofis ilmiah anu ngadeudeul sarta
ngagambarkeun ayana kakuatan persuasi minangka hiji bebeneran nu di tétélakeun
ku panyaturna. Sacara umum nu jadi objék, poko pasualan, atawa masalah anu
dikaji dina élmu rétorika nya éta manusa jeung caturnana atawa kagiatan
nyaritana. Satuluyna éta poko pasualan téh diwatesanan jadi sababaraha hal, nya
éta:
1)
Sawangan rétorika ka manusa salaku
panyatur.
a) Manusa
ngabogaan insting nyarita nu teu dipibanda ku sato héwan.
b) Manusa
salaku mahluk nu ngabogaan symbol.
c) Manusa
ngabogaan insting étis nu geus kapimilikna ti mimiti dilahirkeun.
d) Manusa
ngabogaan kamampuh kajiwaan, kayaning mikir, ngarasa, imajinasi, kontémplasi,
jeung sajabana.
2)
Sawangan manusa kana kagiatan tutur
Kagiatan
tutur atawa nyarita mangrupa wujud tingkah laku alamiah salaku manusa anu jadi
ciri pangbéda ti mahluk séjénna. Salaku mahluk sosial, manusa teu bisa leupas
tina kagiatan komunikasi jeung manusa séjénna.
3)
Sawangan manusa kana basa
Basa
kaasup salasahiji aspék dina élmu rétorika sarta mangrupa simbol nu mangrupa
sora-sora basa dina kagiatan komunikasi. Ku élmu rétorika dipiharep bisa
ngungkulan timbulna misunderstanding atawa kasalah-pahaman maksud eusi caritaan
nu aya dina komunikasi. Lantaran kitu, rupa-rupa aspék nu dikaji dina élmu rétorika,
nya éta:
a)
Milih ragam basa
b)
Milih matéri basa
c)
Nata matéri basa
d)
Milih gaya basa
4)
Sawangan rétorika kana topik tutur
Topik
tutur minangka inti pasualan anu ditepikeun ku panyatur sarta jadi salasahiji
aspék nu dikaji dina élmu rétorika. Topik tutur bisa diwangun ku buah pikiran,
ébréhan rasa, karep, imajinasi, fantasi, cita-cita, pangaweruh, pangalaman diri
pribadi atawa jalma lian, jeung lingkungan (mikro atawa makro).
5)
Sawangan rétorika kana caritaan
Caritaan
mangrupa ungkara basa nu ngabogaan tugas pikeun ngébréhkeun gagasan nu
dipilihna boh dina wangun lisan boh tulisan. Ceuk sawangan élmu rétorika mah caritaan
disebut hade lamun mampuh ngawadahan gagasan.
2.
Sawangan
Éfistimologi
Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman
(2013, kaca 38) Élmu rétorika ogé ngabogaan métode nu tangtu, utamana nu patali
jeung métode atawa cara nangtukeun jeung midangkeun bebeneran dina nyarita. Dina
rétorika ogé dikaji kumaha cara maluruh jeung netepkeun hiji gagasan. Rétorika salaku
élmu awal mulana mekarkeun métode taxonomy dina ngagarap poko pasualan atawa
jejer pasualan. Tina poko pasualan diangkat jadi topik caritaan. Patalina jeung
masalah basa, rétorika tradisional nganjurkeun sangkan merhatikeun
prinsip-prinsip persuasi. Hartina, dina ngébréhkeun gagasanana dipiharep
panyatur merhatikeun kumaha milih matéri basa anu ngabogaan daya persuasive. Malah
dina rétorika tulis mah basa unsur-unsur kaéndahan basa ngarojong pisan
kahontalna daya persuasi.
3.
Sawangan
Aksiologi
1)
Tujuan Rétorika
Aristoteles
netepkeun yén tujuan rétorika nya éta pikeun alat persuasi. Persuasi nya éta
upaya pikeun ngayakinkeun paregep kana bebeneran hiji gagasan tina jejer
caritaan nu ditepikeun ku panyaturna. Aristoteles negeskeun yén panyatur kudu
nataharkeun bahan picaritaeun, midangkeun pedaran luyu jeung poko pasualan,
sarta midangkeunana dibarengan ku ragam sarta gaya nyarita nu persuasif.
2)
Fungsi Rétorika
Pikeun
nataharkeun sarana komunikasi kalawan hade, nya diantarana pikeun nyiapkeun
pangaweruh jeung ngaping calon panutur, sangkan nu jadi panutur lancer dina
ngahontal tujuan anu dipiharep. Aspék-aspék anu ngarojong kana lancarna
kagiatan panutur dina nepikeun gagasan téh ngaawengku 1) cara-cara nyawang
jeung nganalisis jejer atawa topik tutur pikeun manggihan sarana pedaran anu persuasif
jeung objéktif, 2) cara-cara maluruh pedaran anu artistik jeung nonartistik, 3)
milih wanda tutur nu luyu jeung tujuan nu bakal dihontal, 4) nyusun
bagian_bagian tutur sarta guluyurna pedaran-pedaran ngéntép ssureuh, 5) milih
pibasaeunana anu merenah tur merenah, kayaning kecap-kecapna atawa susunan kalimahna,
6) milih gaya basa jeung gaya nyaritana.
3)
Mangpaat Rétorika
Aristoteles
netepkeun opat rupa mangpaat rétorika, nya éta ngaping panutur pikeun:
a) Nyokot
putusan
b) Milih
argument
c) Mérsuasi,
nyarita rasional
Référénsi
Haerudin,
Dingding & Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia.
Komentar
Posting Komentar