PAMAREKAN RÉTORIKA


Mekarna kajian rétorika dina abad ka-20, utamana di Amerika leuwih museur kana panalungtikan ngenaan ma’na, nya éta ma’na anu umumna di pikawanoh ku urang dina harti anu jembar ngawengku meaning, value, mitive, jeung massage. Ieu di handap di tétélakeun ngenaan kajian pamarekan rétorika.

1. Pamarekan ma’na
I.A Richard salah saurang ahli basa nepikeun pamanggihna ngeunaan ma’na basa salaku alat komunikasi masarakatna dina kahirupan sapopoé. Kalawan singget ieu di handap di tétélakeun sababaraha hal nu patalina jeung ma’na nu di asongkeunana :
a.       Rétorika salaku kajian ngeunaan kasalahpahaman katut upaya/tarékahna pikeun mahing sangkan teu timbul kajadian ayana kasalahpahaman.
b.      Kagiatan ngaréspon jeung nyurahan informasi ku cara nganalisis, ngelempokeun, jeung ngabandingkeun jadi pangalaman atawa conto ngébréhkeun persépsi dina kagiatan nyarita atawa ngaréspon informasi satuluyna.
c.       Kecap mangrupa simbol nu ngawakilan atawa nu ngacu kana barang, hal, atawa maksud anu di tuju.
d.      Ma’na (meaning) nu di paké atawa di tujukeun kana hiji hal gumantung kana pangalaman urang dina mangsa ka tukang.
e.       Sanajan persépsi kana unsur simbol/kecap sarta unsur referent sarua, tapi persépsi kana unsur referent masing masing mah gumantung kana gumantung kana pangalaman jeung kaweruh ngenaan basa panyatur jeung paregep.
f.       Ngagunakeun métafora, babandingan atawa referent pikeun hiji hal atawa barang kaasup perkara nu penting dina kagiatan nyarita sabab bakal muserkeun konsentrasi salila komunikasi.


2.   Pamarekan ajén
Rétorika dina abad ka-20 leuwih neueulkeun kana étika, di sagédéngan milih jeung nyusun struktur pesen atawa matéri informasi anu di deudeul ku pangaweruh, pangalaman, jeung kamampuh dina kagiatan komunikasi. Sawatara tokoh anu ngasongkeun pamadeganana ngeunaan pamareka ajén ajén étika dina rétorika nya étika karl Wallace, Richard Weaver, Wayne Minnick, jeung Richard Murphy. Konsép konsép dasarna sakumaha pedaran ieu di handap.
a.       Étika bisa di sebutkeun mangrupa hasil pamikiran anu sistématis nu aya patalina jeung jawaban nu di dadasaran ku pananya ngeunaan hade jeung goréng, bener jeung salah sarta kawajiban-kawajiban moral moral séjenna.
b.      Rétorika kudu merhatikeun sustansi wicara nu ngawengku tilu hal, (1) pedaran matéri wicara kudu ngawangun hiji putusan anu di dadasaran ku tarékah pikeun ngaréspon kana tingkah laku nu luyu jeung konték katut kabiasaan umum. (2) pedaran kudu nembongkeun rupa rupa gambaran hasil tinimbangan anu maliré kana ajén-inajeun nu aya. (3) nimbang-nimbang pibasaeun pikeun nepikeun bahan picaritaeun kacida pentingna sanajan lain hiji-hijina hal anu d perhatikeun dina rétorika.
c.       Substansi rétorika nya éta hasil nalar nu hade (good reason) sedengkeun ciri utama rétorika étika nyarita atawa tata karma basana.
Sababaraha pituduh nerapkeun étika dina rétorika sakumaha kaunggul ieu di handap.
1.      Ngutamakeun kapentingan paregep tinimbang kapentingan pribadi.
2.      Sawajarna sarta ngajauhan sikep anu kamuflase
3.      Nepikeun saran saran anu matak nyaangkeun pikiran paregepna.
4.      Gunakan basa anu jelas, tegas, sarta pinuh ku kawijaksanaan.
5.      Némbongkeun sikep anu nétral, teu cueutka nu hideung, ponténg ka nu konéng
6.      Dina rétorika jujur ka diri pribadi saméméh ngébréhkeun kajujuran ka nu séjén ngeunaan hiji hal.
7.      Kaji masalah kalawan soson-soson dibarengan ku asak-asak tinimbangan.
8.      Ulah  ngahalalkeun sagala cara enggoning ngahontal tujuan.

  3. Pamarekan motif
Ieu di handap aya sawatra pamikiran pamikiran Kenneth burke minangkan dadasar pamarekan motif dina rétorika.
1.      Motif mangrupa tanaga anu ngadorong jeung mangaruhan  komunikator dina rétorika.
2.      Sumber sumber nunjadi rujukan jadi motif kuat anu ngarojong kana kalancaran persuasi dina kagiatan rétorika.
3.      Fungsi dasar rétorika nya éta basa anu digunakeun dina peristiwa komunikasi pikeun ngawangun atawa ngaronjatkeun sikep anu tangtu jalma séjén.
4.      Konsép dasar rétorika nya éta peruasi, tapi sangkan maksud caritaan nepi ka paregep.
5.      Sangkan materi nu di informasikeun kaharti

 4.  Pamarekan cara pikeun nyangking pangaweruh
Sababaraha konsép pikeun maluruh pangaweruh atawa  bebeneran anu di tepikeun ku Robert Scott, Douglass Enhinger, Way Brockiede, Richard D. Rieke, jeung Enrnest Borman ieu di handap.
1.      Ambahan (ruang lingkup) rétorika ngawengku sakabéh proses arguméntasi ti mimiti maluruh nepi ka manggihan matéri, nyusun matéri jeung masalahna, di rojong ku ingetan, di pasieup ku gaya basa, nepi ka midangkeunana kalawan dinamis antara panyatur/penulis jeung nu maca.
2.      Luyu jeung katerangan di luhur. Lantaran sawala/debat (1) ngandung sifat kritis, (2) mangrupa media pikeun nalaah masalah, (3) bisa di mekarkeun kalawan kooperatif tinimbang kompetitif.
3.      Kagiatan nu di lakukeun dina rétorika saéstuna lain nepikeun bebeneran (truth) tapi nyiptakeun bebeneran.
4.      Rétorika mangrupa jlan pikeun nyangking jeung nyiptakeun pangaweruh jeung bebeneran.
5.      Dina proses komunikasi, kamupakatan inteléktual antara komunikator jeung audience bisa di ciptakeun saenggeus proses rétoris lumangsung dina kagiatan komunikasi.

Référénsi
Haerudin, Dingding & Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia. 


Komentar

Postingan populer dari blog ini

BIANTARA

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

SAWALA KELOMPOK