SEJARAH KAMEKARAN RÉTORIKA

Rétorika Klasik
       Nurutkeun Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 13) Élmu Rétorika mimiti gumelar jeung mekar di Jaman Yunani. Gumelar jeung mekarna rétorika di Yunani luyu jeung kondisi pajamanan harita, utamana dina widang pidato, nu mimiti lumangsung di sabudeureun rohangan pangadilan. Sanajan rohanganana kawatesan, masarakat harita geus pada sadar yén jalma nu pinter nyarita bakal mampuh mingpin nagara. Réa tokoh mangsa harita nu geus mimiti nyarusun naskah ngeunaan rétorika, pangpangna di Athena jeung di sabudeureun karajaan Yunani. Di sagédéngeun tempat gumelarna élmuning rétorika, kira-kira taun 479 SM, Yunani ogé kawéntar tempat lahirna logika jeung tatabasa. Tempat gumelarna rétorika nya éta di wewengkon Syracuse nu aya di daérah Sisilia.
Sitem pamaréntahan républik nu dilaksanakeun di Yunani-Romawi, utamana di jaman kahirupan Isokrates, Plato, Aristoteles geus némbongkeun mekarna élmu pangaweruh kaasup rétorika nepi kana puncakna. Nya antukna nepi ka aya téori-téori nu kawilang penting dina rétorika ti Plato, Aristoteles, jeung Cicero.

Rétorika Abad Pertengahan
Dina abad pertengahan kahiji (40-500) system pamaréntahan républik di Yunani baganati ku ayana pamarentahan anu museur ka kakawasaan kaisar. Ku ayana system pamarentahan kakai-saran, kabebasan mikir, debat, jeung kabebasan nyarita liana nu patalina jeung rétorika musnah. Ku kituna peranan rétorika tina nyaritakeun masalah-masalah penting dina kahirupan ngageser jadi kagiatan nyarita nu ngutamakeun basa tinimbang eusi. Sapanjang abad pertengahan kadua (400-1400), élmu rétorika umumna dimekarkeun di garéja tur dipaké jadi seni nyarita dina hutbah.

Jaman Renaisans jeung Humanisme
       Jaman Renaisans mekar di Italia. Mimiti abad ka-14 jeung ka-16 timbul deui ayana pamahaman kana rétorika nu mekar di Jaman Romawi-Yunani Kuno.  Ti harita élmu rétorika téh dimekarkeun deui. Kaum Humanis harita pundah-pindah ti hiji universitas ka universitas, ti kota ka kota, jeung ti istana ka istana séjénna pikeun nepikeun ceramah ngeunaan Jaman Romawi jeung Yunani Kuno. 
        Karya tulis mekar pisan. Para ahli pidato nuliskeun eusi ceramah, nyiapkeun bahan pidato, nulis surat, diskusi jeung debat, sarta ngajarkeun ka barudak sakola ngeunaan téhnik nyarita jeung narulis buku-buku nu eusina ngoméntaran para ahli pidato Jaman kuno. Di sagédéngeun éta diterbitkeun buku-buku ngeunaan élmu rétorika, dialéktika, seni sastra, filsafat jeung pendidikan. Kaidah-kaidah nu nyumponan standar rétorika Jaman Yunani jeung Romawi nya éta invention, arrangement, style, memory, jeung delivery. Hal penting séjénna di Jaman ieu nya éta dipanggihkeunana alat tulis cetak jeung ngésérna kagiatan rétorika, lain ukur rétorika lisan tapi ogé ayana rétorika tulisan.

Rétorika Modéren
          Nurutkeun Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 19) nétélakeun yén nepi ka zaman renaisanse bisa disebutkeun teu kungsi aya pamikiran-pamikiran orisinal ngeunaan rétorika. Pamikiran-pamikiran nu mekar dina mangsa modérén umumna mangrupa pamahaman jeung panapsiran tina hasil tiori-tiori rétorika klasik.
       Nurutkeun Hendrikus dina Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 19) nétélakeun yén Rétorika modéren mangrupa seni nyarita atawa kamampuh pikeun nyarita jeung hutbah. Éféktivitas nepikeun pesen dina rétorika dipangaruhan ku téhnik atawa kaparigelan nyarita saurang komunikator. Di zaman modéren loba tokoh rétorika nu kasohor ti unggal nagara nu didadasaran ku ayana rupa-rupa kajadian “pergerakan’ di hiji nagara.
       Di Prancis aya “Gerakan Humanisme”, nu ngalahirkeun tokoh-tokoh humanism dina widang sastrasalaku panyair/pangarang jeung tukang hutbah. Di Inggris rétorika diarulik kalawan cara sistematis jeung ngamekarkeunana ngagunakeun karakter mandiri. Di Jerman mah teu aya kabebasan jang nyarita pikeun masarakat leutik, lantara nagara dikawasa ku para Kaisar. Adolf Hilter, salah saurang tokoh Jerman nu kamashur geus hasil naklukkeun rahayat Jerman ku rétorikana nepi ka sadia ngalakukeun naon waé demi paréntahna. Di Amerika aya tokoh penting nya éta Patrick Henerg, saurang gubenur nu kawentar cumelukna. Kitu ogé John Quincy Adam (1767-1848), saurang professor élmu rétorika jeung nu nyusun doktrin-doktrin dina kongres dina taun 1828.

Rétorika Abad ka-20
          Di awal abad ka-20 kajian ngeunaan rétorika teu ngan ukur lumangsung di Benua Éropa, tapi ogé di Amérika. Ahir abad ka-19 di Amérika diadegkeun paguron luhur nu muka jurusan kajian ngeunaan rétorika. Dina taun 1914 sababaraha urang ahli rétorika di sababaraha paguron luhur ngayakeun gempungan pikeun ngadegkeun organisasi ahli-ahli/guru-guru rétorika.
      Awal kamekaran rétorika di Amérika masih katara pamikiran-pamikiran pangaruh tina rétorika klasik jeung modern, utamana pamikiran-pamikiran Blair, Whatley, sarta aliran Elocutions, diantarana Thomas Trueblood nu nekenkeun kana aspék pronuciatio atawa aspék delivery.


 Referensi
 Haerudin, Dingding & Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

BIANTARA

SAWALA KELOMPOK