HAKEKAT RÉTORIKA


      Wangenan Rétorika
Istilah rétrorika nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia dina Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 3) nya éta kaparigelan ngagunakeun basa kalawan éféktif dina karangan; seni pidato nu ngirut sarta ngandung sipat bombastis. Rétorik atawa rétoris hartina ngandung sioat rétorik. Nyaritana rétoris sarua jeung eusi nu dicaritakeunana ngandung sipat rétorik. Tulisanana rétoris sarua jeung eusi nu ditulisna ngandung sipat rétorik.
Rétorika raket patalina jeung dialéktika. Dialéktika mah nya éta babasan anu dipaké dina nyarita atawa dialog pikeun maluruh hiji masalah. Dina wangenan séjén ditétélakeun yén rétorika bias ogé mangrupa kaparigelan milih kekecapan jeung lentong nyarita sangkan hasil nu dipimaksud kalawan merenah tempatna, pas waktuna, sarta ngarojong situasina jeung lawan caturna.
Rétorika kaasup seni nyarita nu didadasaran ku pangaweruh nu aya dina diri panyaturna. Aya dua aspék nu perlu diperhatikeun ku saurang panyatur, nya éta pangaweruh ngeunaan basa jeung kamampuh ngagunakeunana sarta pangaweruh ngeunaan objék nu baris ditepikeun ku éta basa nu digunakeunana.
Nurutkeun Keraf dina Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 5) nétélakeun yén rétorika téh mangrupa téhnik makéna basa pikeun nepikeun gagasan boh lisan boh tulisan nu didadasaran ku pangaweruh ngeunaan nyarita jeung kamampuh nepikeun eusi caritaan kalawan ngéntép seureuh. Ceuk W.S. Roberts dina Martha (2012:5) nétélakeun yén rétorika téh ngabogaan sababaraha watesan, nya éta: 1) seni pikeun useurkeun panitén lawan tutur, ku cara ngatur unsur-unsur tutur sangkan meunangkeun tanggapan (réspon) ti lawan tutur atawa paregep; 2) seni nu ngajarkeun kaédah dasar ngagunakeun basa nu éféktif; 3) seni tutur nu sipatna pérsuasif (ngolo; sangkan timbul rasa yakin) jeung bias nepikeun informasi nu kaharti ku akal (rasional) ka pihak séjén; 4) ideu atawa gagasan pikeun pérsuasi (ngajak batur ku cara nepikeun alesan nu pikabitaeun tur ngayakinkeun). Nurutkeun  kamus Echols dina Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 6) ditétélakeun yén rétorika téh asalna tina kecap rhetoric anu miboga harti pinter dina nyarita atawa pidato.
Nilik kana sababaraha watesan di luhur, bias dicindekkeun yén rétorika mangrupa hiji tarékah nu dilakukeun ku panyatur (dina basa lisan) jeung panulis (dina basa tulis) dina milih wangun kekecapan nu dianggap éféktif sangkan paregep atawa nu maca museurkeun panitén (perhatian) kana informasi nu ditepikeun. Jadi hakékat rétorika tétorika téh nya éta kamampuh komunikasi kalawan éféktif nu ngagunakeun basa salaku alatna.

Tujuan Rétorika
              Nurutkeun Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 8) tujuan rétorika nya éta pikeun pérsuasi. Anu dimaksud pérsuasi nya éta timbulna kayakinan pangregep yén naon-naon nu diomongkeun ku panyatur téh ngandung bebeneran. Ku rétorika bias ngabina hubungan nu harmonis, tumuwuhna gotong-royong, kapiarana étika dina nyarita, jeung nanjeurna ajén moral dina komunikasi, nu satuluyna mah numuwuhkeun katingtriman dina kahirupan masarakat.

Fungsi Rétorika
              Nurutkeun Aristoteles dina Haerudin jeung Suherman (2013, kaca 9) nétélakeun yén fungsi rétorika téh nya éta pikeun:
·       Miharep sangkan jalma nu diajak nyarita bisa matotoskeun jeung nyindekkeun hiji masalah atawa kasus nu disanghareupanana;
·        Ngaping kondisi kajiwaan paregep;
·        Mingpin jalma dina nganalisis hiji kasus kalawan sistematis, éféktif, objéktif, tur pérsuasif;
·        Ngajarkeun cara-cara nu éféktif pikeun mertahankeun hiji pamadegan

Mangpaat Rétorika
              Sacara umum rétorika ngabogaan mangpaat pikeun ngaronjatkeun kamahéran nyarita jeung kamahéran nulis. Rétorika kacida pentingna sabab ngabogaan mangpaat pikeun:
1.  Ngaronjatkeun kaparigelan biantara lain ukur pikeun panyatur tapi ogé pikeun paregep sorangan;
2.    Ngaronjatkeun kaparigelan akademik jeung profesionalisme;
3. Ngaronjatkeun kaparigelan diri dina ngayakeun hubungan social dina hirup kumbuh sapopoé di masarakat;
4.  Ngaronjatkeun kualitas komunikasi anu kiwari leuwih bébas jeung tanpa batas.



 Referensi
 Haerudin, Dingding & Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

BIANTARA

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

SAWALA KELOMPOK