ALIRAN RÉTORIKA

Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 23) Mangsa awal pentingna rétorika nya éta abad ka-17, nepi ka para filosof jeung psikolog mokalan ku istilah “rétorika baru”. Ahli-ahli rétorika Inggris mokalan lahirna opat aliran rétorika di abad modern, nya éta:

1.      Aliran Rétorika Neoklasik
Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 23) garapan utama nu aya dina rétorika aliran neoklasik nya éta ngagali deui rétorika klasik. Aliran rétorika neoklasik teu nganggap penting hal-hal nu sifatna original tapi leuwih ngutamakeun kumaha cara atawa métodeu dina nepikeunana. Tokoh-tokoh aliran neoklasik di antarana Alexander Pope, Jonathan, John Lawson, John Ward.

2.      Aliran Belles Letters
Sacara harfiah istilah Belles Letters ngandung harti karya tulis nu éndah. Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 23) ieu aliran ngagbungkeun konsép-konsép rétorika klasik jeung pamikiran-pamikiran anyar (modéren). Anu diadopsi ku aliran Belles Letters diantarana konsép-konsép pamikiran modél komunikasi Aristoteles, model komunikasi Cicero jeung Quintilian, jeung konsép-konsép pamikiran Longinus. Sedengkeun pamikiran-pamikiran modéren nu dipaké ku aliran Belles Letters nya éta psikologi, pangaweruh, jeung fungsi penalaran dina kritik katut sawangan-sawangan ngeunaan kacerdasan pamikiran nu ngagambarkeun éféktifitas idiom-idiom dina basa asli. Tokoh-tokoh aliran Belles Letters diantarana Hugh Blair, Alexander Gerard, Edmun Burke, John Baillie, Joseph Addison, Adam Smith, jeung Charles Rollin.

3.      Aliran Epistemologi
Ieu aliran ngahubungkeun rétorika jeung konsép-konsép anyar nu diformulasikeun dina filsafat jeung psikologi. Konsép-konsép dasar rétorika aliran epistemology bisa dikaji tina pamikiran-pamikiran Francis Bacon, Rene Descartes, George Campbell, jeung Richard Whately.

4.      Aliran Elocutionary
Aliran ieu museurkeun kajian kana salasahiji aspék penting sarta can dikaji tuntas dina rétorika, nya éta aspék delivery kalawan alesan-alesan saperti ieu.
1.    Maké basa lisan di lembaga pamaréntahan, dina mimbar akademik, dina hutbah jeung kagiatan agama séjénna ngandelkeun pisan aspék delivery.
2.   Nalungtik cara jalma nyarita, kayaning ngucapkeun sora basa, paroman, gerakna anggota awak mangrupa upaya pikeun ngalegaan wawasan rétorika nu mangrupa bagian tina karakter.
3.    Aspék delivery mangrupa bagian tina aspék rétorika anu dipaké nepi ka aliran modéren sarta can teleb dipaluruh nepi ka tuntasna.
Watesan rétorika di jaman modéren mangrupa konvergensi anata seni basa lisan jeung tulis. Rétorika dihartikeun “cara makéna basa salaku seni-boh lisan boh tulisan- nu dumasar kana hiji pangaweruh atawa hiji métode nu disusun kalawan puguh éntép seureuhna. Di sagédéngeun éta, sawatara hal anu kudu diperhatikeun dina rétorika modérn nya éta daya inget, daya kréasi jeung fantasi, srta téhnik nepikeun eusi nu merenah kalawan diwuwuhan ku rupa-rupa bukti katut alesan anu rasional. Rétorika modéren leuwih ngutamakeun ngalirna komunikasi nu éfektif jeung éfisien antara sumber informasi jeung nu ngaregepkeunana. Dumasar kana éta hal, rétorika modéren leuwih museur kana seni tulis-tinulis, kalawan teu ngamomorékeun basa lisan. Prinsip-prinsip dasar nu kudu diperhatikeun dina rétorika tulis kayaning ieu dihandap.
1)      Ngawasa kalawan aktif sajumlahing kosa kecap  basa nu dikawasana ( upamana kosa  kecap basa Sunda).
2)     Ngawasa kalawan aktif kaaédah-kaédah katatabasaan bakal-bakal ngarojong ka panilis dina ngagunakeun rupa-rupa pariasi wangun kecap.
3)      Wanoh jeung ngawasa rupa-rupa gaya basa.
4)    Ngabogaan kamampuh nalar nu hade ngarojong kana kaparigelan nepikeun gagasan kalawan puguh éntép seureuhna, mérélé, jeung logis.

5)  Weruh kana norma-norma basa tulis katut komposisi tulisan ngarojong kana eusi tulisan anu gampang dibaca jeung di teuleuman eusina sabab tingkat katerbacaanana luhur.

Référénsi

Haerudin, Dingding & Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia. 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

BIANTARA

CIBORELANG AROMA KOTA, RASA DESA

SAWALA KELOMPOK