Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2017

PAMAREKAN RÉTORIKA

Mekarna kajian rétorika dina abad ka-20, utamana di Amerika leuwih museur kana panalungtikan ngenaan ma’na, nya éta ma’na anu umumna di pikawanoh ku urang dina harti anu jembar ngawengku meaning, value, mitive, jeung massage. Ieu di handap di tétélakeun ngenaan kajian pamarekan rétorika. 1. Pamarekan ma’na I.A Richard salah saurang ahli basa nepikeun pamanggihna ngeunaan ma’na basa salaku alat komunikasi masarakatna dina kahirupan sapopoé. Kalawan singget ieu di handap di tétélakeun sababaraha hal nu patalina jeung ma’na nu di asongkeunana : a.        Rétorika salaku kajian ngeunaan kasalahpahaman katut upaya/tarékahna pikeun mahing sangkan teu timbul kajadian ayana kasalahpahaman. b.       Kagiatan ngaréspon jeung nyurahan informasi ku cara nganalisis, ngelempokeun, jeung ngabandingkeun jadi pangalaman atawa conto ngébréhkeun persépsi dina kagiatan nyarita atawa ngaréspon informasi satuluyna. c.    ...

UNSUR-UNSUR RÉTORIK

Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 43) Artikel Karl Wallace nu  judulna “the substance of rhetoric: good reasons” dina quarterly journal speech nomer 45, 1963 nétélakeun yén the substance of rhetoric is good reason  and the basic materials of discourse are ethical and moral values and information relevant to these. Dina éta artikel Karl Wallance di tétélakeun yén unsur rétorika téh nya éta good reason (alesan nu kaharti ku akal). Istilah good reason anu di tepikeun Karl Wallance éta téh ku Aristoteles dina buku nu judulna rhétoric, disebutna proof (bukti/alesan/argumentasi). Satuluyna Aristotélés nétélakeun yén proof téh bisa “artistic” jeung bisa “inartistic”. Artistic proof ngabogaan tilu wanda, nya éta (1) éthical proof nya éta prosés  ngabuktikeun, nepikeun alesan atawa arguméntasi di barengan ku étika. (2) psychological proof nya éta proses ngabuktikeun nepikeun alesan atawa arguméntasi nu di barengan ku ayana hiji suasana anu ngarojong paregep ataw...

RÉTORIKA MINANGKA ÉLMU

Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 31) Élmu pangaweruh sacara umum dikelompokkeun jadi tilu bagian, nya éta: kelompok  élmu alamiah (natural science), élmu sosial (social science), jeung pangaweruh budaya (the humanities). Ilaharna hiji widang élmu hakékat gumulung tina tilu hal, nya éta ngabogaan aspék ontologi, epistimologi, jeung aksiologi. Kitu ogé élmu rétorika, ngabogaan objék, poko pasualan, atawa masalah anu dikajina (ontologi), ngabogaan métodeu anu dimekarkeun (epistimologi), jeung puguh atawa jelas mangpaatna (aksiologi). 1.       Sawangan Ontologi Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 32) Objék pasualan atawa masalah anu dikaji dina rétorika bisa digambarkeun kalawan sistematis sakumaha widang élmu nu séjénna. Dina élmu rétorika ditétélakeun prinsip-prinsip filosofis ilmiah anu ngadeudeul sarta ngagambarkeun ayana kakuatan persuasi minangka hiji bebeneran nu di tétélakeun ku panyaturna. Sacara umum nu jadi objék, po...