ALIRAN RÉTORIKA
Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 23) Mangsa awal pentingna rétorika nya éta abad ka-17, nepi ka para filosof jeung psikolog mokalan ku istilah “rétorika baru”. Ahli-ahli rétorika Inggris mokalan lahirna opat aliran rétorika di abad modern, nya éta: 1. Aliran Rétorika Neoklasik Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 23) garapan utama nu aya dina rétorika aliran neoklasik nya éta ngagali deui rétorika klasik. Aliran rétorika neoklasik teu nganggap penting hal-hal nu sifatna original tapi leuwih ngutamakeun kumaha cara atawa métodeu dina nepikeunana. Tokoh-tokoh aliran neoklasik di antarana Alexander Pope, Jonathan, John Lawson, John Ward. 2. Aliran Belles Letters Sacara harfiah istilah Belles Letters ngandung harti karya tulis nu éndah. Nurutkeun Haérudin jeung Suhérman (2013, kaca 23) ieu aliran ngagbungkeun konsép-konsép rétorika klasik jeung pamikiran-pamikiran anyar (modéren). Anu diadopsi ku...