Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2018

SAWALA KELOMPOK

            Unsur nu ngawangun sawala kelompok, diantarana ketua jeung partisipan sarta rupa-rupa bangbaluh katut ngungkulanana, nepi ka ukuran hasil henteuna prosés sawala kelompok nu ditétélakeun ku Mulgrave, Salesburi, jeung Auer & Ewbank dina Tarigan (1981:44-51). Lumangsungna sawala ditangtukeun ku kaparigelan ketua. Sabab kitu, tugas ketua sawala kelompok nu kudu diperhatikeun, nya éta. (1)    Tatahar sakur anu diperlukeun dina sawala, (2)    Ngumumkeun topic atawa judul masalah jeung tujuan sawala, (3)    Netepkeun/nyadiakeun waktu pikeun: a) bubuka, b) sawala, c) kacindekan sawala (4)    Ngatur/ngajaga lumangsungna saala, (5)    Nyayagikeun waktu ka partisipan pikeun nepikeun milu nyarita, (6)    Ngajaga minat jeung karep pamilon sangkan tetep sumanget, (7)    Ngajaga lumangsungna sawala nepi ka réngsé, (8)    Nyieun cateta...

DIALOG

1.       Wangenan Dialog         Nurutkeun élmu komunikasi anu disebut dialog (dialogika) , nya éta élmu ngeunaan rupa-rupa kagiatan nyarita nu dilakukeun ku papada jalma. Salasahiji tujuan dialog dina sandiwara, pilem,drama, longsér nya éta pikeun ngébréhkeun watek para tokoh, atawa ngajéntrékeun eusi lalakonna. Dialog disebut ogé paguneman (dina sandiwara, carita, jeung sajabana); dialog bisa ogé mangrupa karya tulis nu dipidangkeun dina wangun paguneman antara hiji tokoh atawa leuwih (KUBI, 1996:204). Kecap dialogis hartina ngandung sipat terbuka atawa komunikatif.         Dina Kamus Basa Sunda Sacadibrata (2005:348) aya kecap sawala, nu hartina parebut bebeneran; nyawalakeun; nyalahkeun pertimbangan batur, bari nerangkeun pertimbangan sorangan, maduan. Sacara étimologis kecap dialog diwangun ku dua kecap nu asalna tina basa Yunani, nya éta dié (dia) nu hartina jalan baku; cara jeun...